TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Jalan pagermaneuh atawa anu katelah jalan Punclut, anu pernahna di kampung babakan Bandung RT 1 RW 10, desa Pagerwangi, kecamatan Lembang, kabupaten Bandung Barat, geus sababaraha kali katarajang taneuh urug. Upama teu diungkulan ti ayeuna mula, moal pamohalan, eta jalur anu ngahubungkeun Lembang jeung kota Bandung, bakal kateug. Samalah, pihak kaamanan jeung aparat desa masang garis pulisi sarta spanduk pameredih sangkan warga teu ngalalar ka eta jalan, anu matak bahaya upama diliwatan. Kepala desa pagerwangi, agus ruhidayat ngebrehkeun, pengajuan ngarobah jalur kungsi ditepikeun ka pihak provinsi ti saprak taun 2016, tapi tepi ka ayeuna tacan diungkulan. Padahal, ti saprak usum hujan, eta lelewek katarajang taneuh urug jero tilu kali. Upama disatujuan, eta jalur bakal dirobah ka jalan desa anu teu pati nenggang ti lokasi rawan taneuh urug. Engkena, eta jalur bakal dilegaan. Tapi, samemeuhna kudu nincak hambalan ngabebaskeun lahan.