TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Display fosil sapasang gading stegodon trigonocephalus atawa gajah purba, anu umurna kira-kira 1 satengah juta taun pernahna di gedong geologi i-t-b. Eta gading teh panjang lempeng ti ujung ka ujung nitih 3,3 meter. Ari panjang lengkungna tepi ka 3,6 meter. Eta gading stegodon teh kapanggih ku tim laboratorium paleontologi itb sawatara bulan katompernakeun, di kabupaten majalengka. Lian ti gading, fosil huntu stegodon anu kapanggih dina taun 2005 ge, dipajang di eta tempat. Tapi, eta huntu jeung gading teh dierong lain tina stegodon anu sarua.