TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Jumlah panggegek di kabupaten Bandung nitih 3,6 juta jiwa anu sumebar di 31 kecamatan, 10 kelurahan jeung 270 desa, karereaan warga nganjrek di lelewek anu rawan musibah alam. Eta lelewek teh di antarana Bojongsoang, Baleendah, Dayeuhkolot, Rancaekek, sarta Majalaya anu dierong rawan musibah caah. Sajeroning kitu, lelewek ibun, kertasari, cimenyan, jeung cimaung dierong rawan taneuh ngiser sarta taneuh urug. Potensi ngiserna taneuh sarta taneuh urug lantaran karakter daerah anu mangrupa gunung, anu mapaesan kabupaten Bandung.