TP| BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Perean sakola anu mareng jeung pere Natal 2018 turta taun anyar 2019, dimangfaatkeun warga kota Bandung pikeun ngadeugdeug ka sajumlahing taman wisata di kota Bandung. Salah sahijina, taman sejarah turta taman badak, di lelewek balaikota Bandung. Eta taman anu kakara direnovasi teh digegekan ku mangratus-ratus warga kota Bandung, anu ngamangpaatkeun pere panjang jeung kulawarga.