TP | BANDUNGTV | IWAN M. RIDWAN | Salah saurang patani asal soreang kabupaten Bandung, Asep Supriatna ngebrehkeun, hasil panen kiwari kawilang nyirorot batan sasari. Nyirorotna eta hasil tatanen teh lain ukur dina aspek kualitas tapi oge kuanititasna. Samemehna, dirina mampuh nganghasilkeun 8 kintal pere sakali panen. Ari kiwari hasil panenna ukur ngahontal 5 kintal. Masih ceuk dirina, anu jadi marga lantaranana nya eta parobahan hawa tina usum halodo ka usum ngijih kawas ayeuna.