TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Dina raraga naratas jejer ramah lingkungan dina prakprakan Natal turta peuting bagantina taun, hiji pohon natal tina bahan botol palastik urut, mapaesan suasana natal di salasahiji hotel di kota Sukabumi. Eta ideu teh nguniang tina reana botol palastik urut inuman di areal hotel. Antukna, pihak anu ngokolakeun eta hotel ngarobah mangpirang botol palastik urut, tepi ka ngajanggelek jadi pohon natal.