TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Mangbelas-belas angkot anu masang stiker para caleg turta capres, saharita ditartibkeun ku tim gabungan anu ngawengku bawaslu kota Bandung, Satpol PP katut dinas perhubungan, sidak dilakonan di terminal Tegal Lega, di eta terminal petugas manggihan sajumlahing angkot, anu nampelkeun stiker calon presiden, dina kaca tukang, eta stiker anu masang teh, mangrupa bagian tina alat peraga kampanye, anu prakprakan masangna diatur dina peraturan kampanye, ti terminal tegalega, saterusna tim bagerak ka terminal Kebon Kalapa, tim gabungan bawaslu, Satpol PP jeung dinas perhubungan, manggihan deui sajumlahing angkot, anu katohiyan masangkeun stiker capres turta caleg, dina panto angkot,