TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Nya kawas kitu kaayaanana, nalika petugas ngajorag pabrik imahan anu nyieun emih basah anu ngandung formalin katut borax, di kampung pamoyanan, keluarahan pamoyanan, kecamatan cianjur kota, poe salasa pasosore. Wakapolres cianjur diwewegan ku satuan reserse narkoba polres cianjur, saharita nutup eta pabrik. Nalika dijorag, sajumlahing oagawe pabrik tembong hariweusweus lantaran kadatangan petugas. Eta pagawe saharita ngeureunkeun pagaweanana. Hasil tina eta sidak teh, petugas manggihan lima leter formalin turta borax sakarung anu geus dipake.