TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Kejaksaan negeri bandung numpes barang bukti mangrupa sabu, ganja, sarta mangrebu-rebu botol inuman anu ngandung alkohol anu jumlahna dua puluh hiji milyar, di buruan kejari bandung, poe salasa beurang. Eta barang bukti anu ditumpes teh mangrupa hasil sitaan ti sawatara perkara tindak pidana, anu diungkulan ku kejari bandung salila taun dua rebu dalapan belas.