TP | BANDUNGTV | ATRI CAHYANI | Tilu urang dalang ngora kabupaten bandung, nya eta dadan sunandar sunarya, dede kosasih sunarya, turta kiki subasrana sunarya, matak hookeun mangrebu-rebu panongton nu ngagegekan padepokan giri harja di jelekong, kecamatan baleendah, kabupaten bandung. Tiluanana mintonkeun wayang sacara kolaborasi, dina raraga hari wayang internasional taun dua rebu dalapan belas.