TP | BANDUNGTV | ATRI CAHYANI | Pamarentah kota bandung masrahkeun anugrah budaya, ka sajumlahing inohong pelaku seni turta budaya, pikeun anu kadua belas kalina. Eta pangajen anu dikokolakeun poe juma’ah kapeutingnakeun di salasahiji hotel di kota bandung teh, dipasrahkeun ka inohong anu ngarojong bandung, jadi pangirut tur mere dangiang keur mawa bandung kajauhna.