TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Lalampahan dina jalan anu heureut, leueur, sarta dipapaesan ku batu, bakal ilang musnah satutas nepi ka Salasahiji tempat wisata edukasi di pasisian kota Bandung. Setutas cape lalampahan, upluk aplakna kebon awi Arcamanik anu kawilang lega, mapaesan eta tempat wisata edukasi. Wisatawan bisa reureuh bari nitenan kaendahan alam di sabudeureunana.J