TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Naekna harga sajumlahing bahan kabutuh poko mapag Natal turta peuting bagantina taun, ngabalukarkeun warga kabupaten Bandung rumahuh. Sanajan naekna harga bahan kabutuh poko jadi hal anu mayeng karandapan, tapi, disatengahing seuseutna ekonomi ayeuna, kaayaan samodel kitu teh jadi bangbaluh pikeun masarakat. Salasaurang warga, cucu mulyati ngarasa baluweng kana kaayaan ayeuna.