TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN |
Minangka tarekah pikeun mupulihkeun kaayaan basisir pondok bali anu kagerus ku abrasi turta caah rob, mangbelas-belas pagawe pln pusat pemeliharaan ketenagalistrikan atawa pusharlis, ngadeugdeug ka pondok bali, subang, poe rebo isuk-isuk. Bari narumpak parahu, diwewegan ku perhutani turta wanadri, sakumna pagawe pln ngajugjug petak tilu-tilu pondok bali. Mangpuluh-puluh binih tangkal mangrove boh anu geus daunan boh anu masih mangrupa leunjeuran tangkal, diangkut kana parahu 5 .