TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Sababaraha mahasiswa teknik mesin, di unjani kota cimahi mampuh nyieun mobil hemat energi, anu dirarancang tepi ka ngajanggelek jero opat bulan, anu dingaranan astrajingga. Eta mobil hemat energi teh, dirarancang pikeun adu hareupan dina salah sahiji lomba anu bakal dikokolakeun di kota padang, sumatera barat. Ari waragad anu digunakeun salila ngawangun eta mobil teh, dicangking ku mahasiswa tina hasil daragang roti salila opat bulan. Dina emprona, eta prakprakan nyieun mobil hemat listrik teh meakeun waragad tepi ka 25 juta.