TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Enggoning mieling poean guru nasional, lembaga pengembangan pendidikan atawa l-p-p salman i-t-b kota bandung ngokolakeun seminar nasional, kalawan jejer atikan nasional tur tangtangan global reformasi jeung inovasi atikan basis stem, poe senen beurang. ku kituna, sakumna guru dipiharep mampuh ngaronjatkeun kualitas sumber daya manusa sarta pangaweruhna, mapag revolusi industri opat titik enol dina abad kadua puluh hiji.