TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Hawa anu teu bisa dilelebah di kabupaten bandung, mangaruhan beuki ngajaulna harga sawatara komoditas sayur di pasar tradisional kabupaten bandung. Harga sayur anu ngajaul teh nya eta cabe tanjung, bawang beureum, wortel, salada bokor, jeung engkol. Lian ti hargana nerekel, padagang oge ngarahuh alatan kualitas sayur jadi goreng. Ku kituna eta sayur teu tahan lila tur gampang buruk.