TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Nincak usum ngijih, sababaraha musibah alam karandapan di kabupaten Bandung Barat. Kawas anu anyar narajang desa Puncaksari, kecamatan Sindangkerta. Mangpuluh-puluh imah warga ruksak parna balukar musibah taneuh ngiser satutas katarajang hujan. Musibah taneuh urug oge karandapan di desa Cihanjuang kecamatan Cisarua sawatara poe nu anyar kaliwat. Dina eta musibah, pasangan laki rabi mampuh disalametkeun ku warga satutas meh-mehan kasaeur taneuh pangurugan jeung ruruntuk wangunan.