TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Minangka tarekah pikeun ngurangan panyalimpangan dina prakprakan pesta demokrasi pemilu 2019 nu bakal datang, badan pengawas pemilu kabupaten Cianjur ngalakonan deklarasi bersama di Lapang Brimob, Cipanas, Cianjur, poe Senen beurang. Eta deklarasi teh dipapaesan ku lampah nanda kasapukan babarengan, di papada tni, polri, pamarentahan tur sakumna elemen masarakat dina lawon anu disayagakeun, minangka wangun pangrojong kana prakprakan pemilu anu tartib tur damey. Lian ti kitu, eta deklarasi teh dipapaesan ku sajumlahing kagiatan kawas senam babarengan turta narabeuh angklung.