TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Mangratus-ratus siswa ti mimiti Sekolah Dasar tepi ka Sekolah Menengah Atas, aub dina kagiatan pasanggiri pop Sunda di lelewek baleendah, kabupaten Bandung. Eta kagiatan teh dilakonan pikeun ngawanohkeun budaya Sunda, atawa budaya has Jawa Barat, ka barudak atawa rumaja sarakola. Para patandang wajib ngahaleuangkeun tembang pop Sunda, turta lagu daerah Jawa Barat.