TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Pernahna di Situs Bumi Alit Kabuyutan, kecamatan Arjasari, kabupaten Bandung, mangrebu-rebu warga ti sajumlahing wewengkon, aub dina kagiatan ngarumat sasaka waruga barang pusaka, poe salasa isuk-isuk. Sesepuh turta kuncen di eta tempat, ngokolakeun ritual meresihan banda pusaka turta alat musik tradisional atawa waditra has Sunda kawas bonang, saron, jeung goong, anu dikumbah make cai dunga. Warga barabantu meresihan eta alat musik sarta ngawadahan cai tapak ngumbahna anu dipercaya boga mangprang hasiat.