TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYANI | Ketua badan pengawas pemilu atawa Bawaslu Jabar, Abdullah nembrakeun, netralitas ASN dina pemilu 2019 kacida pentingna pikeun konteks pemilu. Bawaslu meredih ka ASN sangkan teu icikibung dina kampanye atawa aub dina tim pemenangan. Upama ngarempak, eta para abdi negara teh bisa ditibanan sanksi pidana. Dina undang-undang aparatur sipil negara geus ebreh pamahing aub dina pulitik, tur kudu boga sikep netral dina kagiatan partey pulitik.