TP | BANDUNGTV | ASTRI CAHYAN I Badan pengawas pemilu atawa Bawaslu Jawa Barat diwewegan ku pamarentah kabupaten Bandung, ngalakonan sosialisasi pikeun aparatur sipil negara jeung para kepala desa, di Hotel Sutan Raja Soreang, kabupaten Bandung. Eta kagiatan teh dilakonan sangkan para abdi negara katut aparat desa boga pangaweruh sangkan teu ngarempak atauran pemilu tur teu kabaud kana pulitik praktis dina pemilu 2019 nu bakal datang. Ketua Bawaslu Jawa Barat, Abdullah nandeskeun, dumasar kana pangalaman, nu ngarempak netralitas aparatur sipil negara turta kepala desa kaasup kana kategori tiga besar panyalimpangan pemilu.