TP | BANDUNGTV | ELBY NOITRI | Bawaslu kota bandung mayeng ngalakonan panalingaan prakprakan kampanye, pileg tur pilpres dua rebu salapan belas nu bakal datang. bawaslu oge satekah polah nyinglar potensi panyalimpangan pemilu, anu remen dilakonan ku para patandang pemilu, kawas dina prakprakan masang alat peraga kampanye, sarta di tempat kampanye.