TP | BANDUNG | IWAN M. RIDWAN | Poe kadalapan oprasi zebra lodaya 2018, satuan lalu lintas polres Cimahi ngalarapkeun E-Tilang pikeun ngarojong prakprakan ngungkulan okneum warga nu ngarempak aturan patalimarga. Eta aplikasi E-Tilang teh dilarapkeun pikeun nyinglar lampah pungli, lantaran kiwari dengda tilang teu dititipkeun ka aparat anu berwajib nu nanjeurkeun hukum.