TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Runtah anu dipiceun warga ngagugunung di babantar walungan cisangkuy, turta nyaeur sawatara jalan, di desa ranca tungku, kecamatan pameungpeuk, kabupaten bandung. Pamarentah katembong tacan daria ngungkulan pasualan runtah. Antukna, warga rea anu ngarahuh balukar bau anu nyegak sumebar tina eta runtah.