TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Pamarentah provinsi jawa barat bakal sagancangna ngareaktivasi opat jalur kareta di jawa barat, nya eta bandung-ciwidey, banjar-pangandaran, cibatu-garut turta rancaekek tanjungsari. Eta jalur anu opat teh dierong penting pikeun transportasi boh jalma boh barang. Pihak dinas perhubungan oge bakal make deui erel titinggal walanda.