TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Tim boling kota Bandung mampuh nyangking medali emas 4 turta perunggu 1, tina target lima medali emas dina porda ka 13 taun 2018 kabupaten Bogor. 3 medali emas kota Bandung dina cabang olahraga boling dicangking ku Alisha Nabila dina nomer single putri, Rangga Dwi Chandra dina nomer single putra, Shabrina tur Alisha Nabila dina nomor double putri, sarta Rangga katut Adhiguna dina nomor double putra. Ari hiji medali perunggu anu dicangking kota Bandung, dicangking ku Dhafin katut Herlinda tina nomer mix double.