TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Kota Bandung nambah deui cangkingan medali emas dina cabang olahraga boling, anu di cangking ku pasangan Alisa Nabila katut Shabira, anu turun dina nomer double putri. Kungsi tinggaleun dina cangkingan poin ti pasangan asal kabupaten Bandung tepi ka game kaopat, eta pasangan asal kota Bandung teh sukses memenah deui lemparanana dina game kalima tur kagenep. Antukna, alisa tur shabira bisa ngungkulan pasangan kabupaten Bandung thalita raisa katut arini dramawati. Dina klasemen ahir, kota Bandung nyangking peunteun jumlah pinfall 2068. Dituturkeun kabupaten Bandung kalawan pinfall 1944 di tempat kadua, sarta kabupaten Bogor di hambalan katilu kalawan pinfall 1922.