TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Mucunghul tina kahaat turta boga karep ngamumule salasahiji kasenian sunda tradisional, seniman cimahi ngokolakeun kagiatan de longser show pikeun siswa sakota cimahi. Eta kesenian tradisional teh, dipiharep mampuh ngawewegan atikan sakumna masarakat, utamana sangkan nonoman leuwih mikawanoh mangpirang ragem kabudayaan tur kasenian sunda.