TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Jauh katinggaleun ku tuan rumah kabupaten bogor dina cangkingan medali, kota bandung museur kana udagan target awal nyangking saratus tujuh puluh opat medali emas. Ti awalna mula, kota bandung teu boga target cangkingan posisi, dina prakprakan pekan olahraga daerah jawa barat ka tilu belas taun dua rebu dalapan belas.