TP | Bandung TV | ASTRI CAHYANI | Ikatan jurnalis televisi indonesia sumedang majalengka, ngarumpukeun sumbangan ancokeuneun korban musibah lini jeung tsunami di palu katut donggala, sulawesi tengah, di mapolres sumedang. Eta kagiatan galang dana anu dikokolakeun di polres sumedang teh, dipaju satutas apel kasaktian pancasila.