TP | Bandung TV | ASTRI CAHYANI | Rengrengan Kepolisian Resort Bandung ngokolakeun sholat goib di masjid Baitul Muhaimin, kecamatan Soreang, kabupaten Bandung, poe Senen isuk-isuk. Eta sholat goib teh dilakonan keur ngadu’akeun korban anu tilar dunya, sarta anu masih hirup, satutas katarajang musibah lini tur tsunami, di lelewek Palu, Sulawesi Tengah.