TP | BANDUNGTV | ELBY NOPITRI | Nya kawas kitu kaayaan situ Cipanunjang di Pangalengan, kabupaten Bandung kiwari. Debit cai geus ngoletrak tur meh-mehan garing. Usum halodo anu karandapan ti saprak bulan juli tepi ka september kamari ngabalukarkeun debit cai di situ Cipanunjang nyirorot. Padahal eta cai teh mangrupa pasokan debit cai baku pikeun PDAM Tirtawening kota Bandung. Dam atawa bendungan anu jadi patokan lobana cai geus aya aya dina dadasarna, turta cai anu masih ngeyembeng oge kari saeutik deui dimangpaatkeun ku warga anu ngarala lauk. Samalah sawatara lahanna geus diparelakan sayur ku warga.