TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Enggoning ngabageakeun Taun Baru Islam 1440 hijriah, umat Muslim di kecamatan Ciwidey, kabupaten Bandung, ngalakonan pawey obor ngurilingan jalan anu anggangna 3 kilometer. Peserta pawey anu ngawengku barudak jeung nu geus sawawa tembong sarumanget aub dina eta pawey obor. Pawey beuki karasa haneuteun lantaran diwewegan ku dulag.