TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Enggoning ngungkulan kahalodoan dina usum katiga, pamarentah kabupaten Bandung museur kana dua sektor, nyaeta nohonan kabutuh cai beresih pikeun warga jeung lahan tatanen hususna pasawahan. Kiwari, 9 kecamatan di kabupaten Bandung seuseuteun cai beresih, di antarana, Baleendah, Banjaran, Arjasari, Kutawaringin, Pasirjambu, Ciwidey, tur Cangkuang. Ari lahan tatanen, 25 kecamatan geus ngahgar.