TP | BANDUNG TV | ELBI NOPITRI | Massa forum peduli Bandung anu diwengku ku sajumlahing organisasi masyarakat turta LSM, ngalakonan unjuk rasa di hareupeun kantor Dewan Perwakilan Rakyat Daerah kota Bandung, Jalan Sukabumi, poe Kemis beurang. Bari mamawa sajumlahing spanduk katut poster, massa ti wawakil saban ormas katut LSM piligenti ngalakonan orasi, pikeun ngagalantangkuen pangdongsokna.