TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Sajumlahing massa anu kabeungkeut dina forum peduli Bandung utara atawa forbat, ngalakonan aksi unjuk rasa, di lelewek orchid forest, Lembang, kabupaten Bandung Barat. Bari mamawa spanduk, warga ngarongsok sangkan nu ngokolakeun wisata anu aya di Bandung tebeh kaler, teu ngaruksak leuweung. Pangna kitu ari leuweung teh mangrupa tempat sengserepan cai, anu bisa nyegah musibah urug jeung caah.