TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Jero dua Minggu katompernakeun, lambak sagara anu rongkah narajang basisir pakidulan pulo Jawa. Samalah eta lambak teh ngaruksak sababaraha fasilitas umum kaasup warung di basisir. Dumasar kana panitenan di stasion geofisika kelas satu Bandung, badan metereologi klimatologi geofisika atawa BMKG, lambak anu ngajaul ti mimiti dua tepi ka lima meter teh, dierong bakal karandapan tepi ka tanggal 31 Juli nu bakal datang.