TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Salah saurang warga kampung Leweung Gede, Cibeureum, kota Cimahi, masrahkeun sakadang anak buaya jenis muara anu ukuranana kurang leuwih sameter, ka pihak BKSDA Jawa Barat, di imahna, anu taya lian ti kios nu ngajual mangpirang ingon-ingon kawas manuk hias, kicau kitu deui sasatoan sejenna. Eta anak buaya muara anu dipajang dina salah sahiji kandang kotak di kios anu ngajual ingon-ingon teh samemehna mangrupa barang dagangeun. Ceuk nu boga kios, eta anak buaya teh mangrupa titipan ti kadang wargana di media sosial facebook, turta meredih dirina sangkan ngajual eta anak buaya. Ari ngeunaan data jeung dokumentasi izin atawa sertifikat buaya bakal dipedalkeun upama payu dibeuli.