TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Nyanghareupan prakprakan miang ka tanah suci, sawatara calon jamaah Haji asal Cianjur, Jawa Barat, mimiti ngadareugdeug ka Asrama Haji Cianjur, poe senen beurang. Eta calon jamaah Haji teh, marawa tas turta koper. Petugas kementrian agama, leuwih ti heula mariksa barang bawaan calon jemaah Haji, samemeh asup ka Asrama Haji. Satutas didata tur dipariksa, koper milik jemaah calon Haji tembong ngagugunung di aula hareup Asrama Haji.