TP | BANDUNG TV | ASTIR CAHYANI | Minangka tarekah pikeun ngariksa budaya sunda nya eta seni beladiri pencak silat, salah sahiji paguron pencak silat di kabupaten Bandung ngawewegan pangaweruh ngeunaan pencak silat ka barudak ti anggalna mula. Reana barudak anu teu mikanyaho ngeunaan eta salasahiji budaya sunda nya eta seni beladiri pencak silat, ngarojong salah saurang paguron pencak silat, keur ngawanohkeun seni beladiri pencak silat. Dina pagelaranana, pihakna nyayagakaeun pakakas keur nambahan sumanget barudak, kawas waditra sunda, tarompet, goong jeung kendang, anu mangrupa ciri has seni pencak silat. Salah saurang pelatih seni beladiri pencak silat, ujang ganda ngeceskeun, enggoning mitembeyan seni beladiri keur barudak, pihakna ngahaja umajak ka barudak ti anggalna mulah snagkan ulah tepi ka poho ka eta budaya beladiri sunda pencak silat. Samalah, sakumna barudak anu teu mikanyaho ngeunaan budaya pencak silat, bakal diwewegan ku pelatihan kalawan mayeng di eta tempat.