TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Lampah kajahatan anu karandapan di wilayah hukum polres Sukabumi kota, ngarojong pihak pulisi pikeun nyorang operasi, dina raraga nangtayungan rasa aman masarakat. Bari diwewegan ku kodim nol enam nol tujuh kota Sukabumi, jero 3 poe, pulisi mampuh ngajiret 31 okneum kajahatan anu dipikalewang ku masarakat, nya eta saurang pelaku pencurian jeung pemberatan, 5 okneum lampah kaniaya, sarta dua puluh lima okneum lampah pidana premanisme anu dagang cai inum kemasan kalawan paksa.