TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Sapoe samemeh Lebaran patalimarga nu marudik di jalur tengah Jawa Barat, pernahna di lelewek Cadas Pengeran, Sumedang, kawilang tiiseun. Eta kaayaan teh ngabalukarkeun nu daragang hui cilembu, sisieun jalan raya Cadas Pengeran nandangan rugi. Galibna saban nyanghareupan Lebaran ti mimiti H-5, rea nu marudik anu mareuli hui cilembu pikeun oleh-oleh. Tapi kiwari, stok hui anu dijualna masih kawilang ceuyah. Nu daragang oge ngarahuh balukar ngadegna jalan tol cipali, anu jadi salah sahiji marga lantaran nyirorotna omset dagang hui cilembu.