TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Reana kekecapan kader partai keadilan sejahtera atawa PKS nu sumebar di media sosial anu ngebrehkeun lampah terorisme di surabaya mangrupa rekayasa pamarentah, dipicangcam ku mangpirang pihak. Di kota Bandung, dua ratus urang anu kabeungkeut dina forum pasundan bergerak atawa aktivis lintas kampus, ngajorag kantor DPW PKS Jabar, di jalan soekarno hata kota Bandung, keur ngebrehkeun orasina.