TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | mapag bulan romadon, mangratus-ratus warga dusun cikubang, desa citali, kecamatan pamulihan, kabupaten sumedang, ngalakonan tradisi gembrong liwet, minangka wangun sukur nimat kana rezeki anu katampa, poe minggu beurang. gembrong liwet anu hartina nyieun sangu liwet tuluy balakecrakan babarengan, mangrupa kagiatan keur ngaraketkeun duduluran.