TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Pamarentah kabupaten Bandung Barat diperdih sangkan ngeureunkeun sagala rupa layanan katut fasilitas ka bupati Bandung Barat, Abu Bakar, anu kiwari geus dicindekeun salaku tersangka satutas operasi tangkap tangan anu dilakonan ku komisi pemberantasan korupsi, atawa KPK, sababaraha waktu katompernakeun. Sajumlahing fasilitas anu samemehna diarima ku bupati Bandung Barat, Abu Bakar teh, di antarana rumah dinas, kendaraan dinas sarta fasilitas sejenna, kiwari eta fasilitas teh geus kudu dieureunan tur dipulangkeun deui ka pamarentah kabupaten Bandung Barat.