TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Kabupaten Bandung anu kapasing kana 31 kecamatan, satekah polah ngungkulan mangpirang pasualan lingkungan, ti mimiti caah taunan, keumeuhna walungan Citarum, sarta ngagugunungna runtah di sawatara lelewek. Prakprakan ngungkulan eta pasualan lingkungan, mangrupa pancen anu pangbeuratna pikeun pamarentah kabupaten Bandung, dina umur anu ka-377 kiwari.