TP | BANDUNGTV | DERI FIRMAN | Kabupaten Bandung euyeub ku mangpirang potensi wisata katut budaya anu kawilang matak ngirut, samalah rea anu tacan dikokolakeun sacara profesional. Salah sahijina, situ Sipatahunan. Situ Sipatahunan diwangun dina jaman kolonial belanda, anu fungsina pikeun neundeun cadangan cai anu bakal ngamalir ka wewengkon di kecamatan baleendah jeung sajabana. Sanajan kitu, jenglenganana teu kariksa ku pemkab Bandung katut masarakat sabudeureunana.