TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Sumebarna isu SARA katut Agama, nalika nyanghareupan pilkada kalawan walatra taun 2018 turta pemilihan presiden 2019, anu bisa ngancem kaamanan nagara kaasup di Jawa Barat, dilenyepan ku papada mahasiswa di Jawa Barat. Poe Kemis beurang, mahasiswa anu kabeungkeut dina badan eksekutif mahasiswa perguruan tinggi Agama Islam Jawa Barat ngalakonan unjuk rasa di hareupeun Gedung Sate, kota Bandung.